PLPG_IX_10_UNJ_SUNDA

PLPG_IX_10_UNJ_SUNDA
Kenangan di Wisma Kinasih

Jumat, 29 Oktober 2010

BABASAN


SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (1)
• 6 Sep 2001 • Kategori: Uncategorized

Babasan disebut oge kacapangan atawa motto nu kacida dipiwanohna ku masarakat Tatar Sunda, nya eta SILIH ASIH - SILIH ASAH - SILIH ASUH; sok disingget istilahna jadi SILAS. Malah ku Universitas Pasundan mah, kungsi dijadikeun bahan seminar Internasional babarengan jeung Universitas Cartein ti Perth, Australia Kulon, dina taun 1995.
Tepi ka waktu ieu, can loba nu ngabahas kalawan jembar naon bae nu kaasup SILAS atawa Silih

Asih, Asah jeung Asuh teh.
Upama dianggap yen SILAS teh mangrupa hiji sistim, geus tinangtu urang kudu neangan unsur naon bae nu kaasup SILAS teh. Moal henteu eta unsur-unsur teh kudu jadi pituduh anu positif pikeun tingkahlaku atawa rengkak polah manusa enggoning hirup kumbuh di lingkungan masarakatna. Kapan mungguhing manusa teh kaasup homo socius, tegesna mahluk anu hirupna kukumbuhan. Tambah eces deui yen SILAS teh alat pikeun campur gaul, nyaeta ku ayana kecap SILIH. Ieu kecap teh tuduh kana ayana pagawean anu pabales-bales (resiprokal), hartina aya dua pihak, atawa nu dianggap dua pihak boh sabage subyek boh sabage obyek.
Sanggeus nitenan sawatara kamungkinan, unsur naon bae nu kudu nyampak dina unggal aspek SILAS tea, kapapay aya sawatara unsur anu raket tumalina, nyaeta:

SILIH ASIH
Sacara harfiah SILIH ASIH nyaeta rasa atawa tingkah laku nu nembongkeun silih pikanyaah, silih pikaasih, silih pikaheman. Dr Sulaeman B. Adiwidjaja, nu nitenan kana kahirupan masarakat, hususna di Tatar Sunda, geus ngumpulkeun harti jeung ma’na Silih Asih, ceuk inyana Asih teh miboga unsur anu wincikanana saperti ieu di handap:
Asih nyaeta gawe
Asih nyaeta aktif
Asih nyaeta ayana dedikasi
Asih nyaeta bisa badami (kompromi)
Asih nyaeta disiplin
Asih nyaeta ngabagikeun tanggung jawab
Asih nyaeta sabar
Asih nyaeta ajen jeung tujuan
Asih nyaeta pangorbanan
Asih nyaeta ekspresi diri
Asih nyaeta realitas hirup
Asih nyaeta ayana kajujuran
Asih nyaeta rasa sugema tina hasil gawe bareng
Asih nyaeta rasa kaendahan
Asih nyaeta sakapeung nimbulkeun kapeurih tapi bisa dirasionalkeun, disublimasikeun
Asih teh mikabutuh waragad
Ku sim kuring wincikan Dr. Sulamen B. Adiwijaya di luhur dipedar deui malar leuwih eces pamaksudanana, sarta muga-muga bae bisa kapapay ajen-inajen (nilaibudaya) nu dikandungna.
Asih nyaeta Gawe
Nu dimaksud teh nya eta salasahiji tanda yen urang miboga rasa asih, rasa nyaah eta teh bakal dilaksanakeunana dina wangun “gawe”. Rek pagawean nu sipatna lahir nyaeta nu mangrupa pangupa jiwa, bisa oge nu mangrupa pagawean batin upamana bae ngadu’akeun sangkan nu dipikaasih tea pinanggih jeung kabagjaan.
Asih nyaeta Aktif

Aktif ngandung harti terus neangan tarekah, sangkan nu dipimaksud hasil. Bisa dihartikeun oge yen nu kudu aktif teh diri urang pribadi anu kudu tiheula nuwuhkeun rasa asih ka nu sejen.
Asih nyaeta Rukun Gawe (kerjasama)

Asih, hususna upama dikeunakeun ka jelema, ngandung harti aya pihak nu mikaasih jeung nu dipikaasih. Dua pihakanana geus sakuduna pada silih pikaasih, hartina daek digawe babarengan pikeun ngawujudkeun nu jadi tujuanana. Ulah pahiri-hiri. Ulah nogencang sosoranganan.
Asih nyaeta Ayana Dedikasi

Dedikasi, tegesna junun tur teguh hate. Ieu ngandung harti sanajan naon bae halangan harungan nu karandapan, henteu matak jadi reuntas harepan. Upamana bae urang asih kana pagawean nu keur digarap; tinangtu kudu dibarengan ku dedikasi nu luhur, sangkan eta pagawean aya hasilna, luyu jeung nu dipikahayang.
Asih nyaeta Bisa Badami (kompromi)

Asih teh dipilampahna ku dua pihak. Ieu ngandung harti kudu aya tarekah pikeun nyaruakeun pamanggih (persepsi). Pikeun nyaruakeun pamanggih tea nya kudu dibarengan ku bisa badami, matotoskeun tujuan nu rek dihontal. Jadi musawarah teh kaasup unsur pikeun ngawujudkeun rasa asih.

Asih nyaeta Disiplin
Tegesna rasa asih teh mikabutuh ayana disiplin diri, kasatiaan jeung kamampuh ngawatesan diri.

Asih nyaeta Ngabagikeun Tanggung Jawab
Kulantaran asih teh ngawujudna dumeh aya dua pihak tea, aya subyek aya obyek. Ku kituna pada-pada miboga hak jeung tanggung jawab. Apal kana hak jeung tanggung jawabna masing-masing, eta jadi ciri silih asih.

Asih nyaeta Sabar


Moal henteu dina pagiling-gisikna dua pihak tea, komo jeung kudu nyaruakeun pamanggih atawa kahayang mah, bakal loba cocoba jeung halangan harunganana. Ku kituna kacida perluna aya sipat sabar jeung silih eledan.

Asih nyaeta Ajen jeung Tujuan
Rasa asih teh kaasup hal nu teu nembrak (abstrak), jadi kaasup sistim ajen-inajen (B.I: nilai). Ajen kamanusaan di antarana nyaeta rasa asih. Rasa asih bisa dimimitian ku asih ka pribadina, dibuktikeun ku miara kasehatan lahir batin dirina. Ti dinya asih ka lingkungan jeung sasamana nu akhirna asih ka Alloh Nu Nyiptakeun dirina. Eta sababna rasa asih teh kaasup jadi tujuan tina asih tea.

Asih nyaeta Pangorbanan
Rasa asih kalan-kalan sok ngaheulakeun kapentingan dirina pribadi wungkul nyaeta nu sok disebut egois. Padahal ari sajatining asih teh nyaeta sadia pikeun bakorban demi nu dipikaasihna. Ari pangorbananana bisa bae dina wangun materil atawa moril. Ngan nu tetela keur ngawujudkeun rasa asih teh mikabutuh ayana pangorbanan.

Asih nyaeta Ekspresi Diri
Rasa asih nyampakna dina parasaan, hiji hal anu abstrak. Rasa asih ieu teh dina hakekatna mah mangrupa ekspresi diri sagemblengna. Jelema nu teu bisa ngaekspresikeun rasa asihna, geus tinangtu bakal kaganggu kasaimbangan jiwana. Sabalikna jelema nu bisa ngaekspresikeun dirina ku cara mikaasih ka nu sejen, bakal ngarasa hirupna aya gunana, tumuwuh kapercayaana dirina.
Asih nyaeta Realitas Hirup

Hirupna jelema teh mangrupa hiji kanyaataan, hiji realitas yen dirina aya. Ku kituna nembongkeun rasa asih teh, hiji cara pikeun nembongkeun kanyataan (realitas) hirup.

Asih miharep Ayana Kajujuran
Kulantaran silih asih teh hiji pagawean anu kudu aya dua pihak, nyaeta nu mikaasih jeung nu dipikaasih (resiprokal), tangtu bae ti dua pihakanana kudu aya kajujuran. Jujur di dieu ngandung harti bruk-brak teu salingkuh. Silih percaya anu iklas tur wening.

Asih nyaeta Rasa Sugema tina Hasil Gawe Bareng
Rasa silih asih bakal leuwih pageuh, bakal leuwih gede duriat silaturahmina, upama hasil rukun gawe babarengan, hasil silaturahmi teh matak nimbulkeun kasugemaan keur kabeh pihak. Rasa sugema teh torojolna tina rasa silih ajenan lahir batin. Rasa hayang silih sugemakeun.

Asih nyaeta Rasa Kaendahan
Kulataran asih teh nyampakna dina rasa, ari salasahiji unsur rasa teh nyaeta rasa “endah”. Rasa endah bakal nuwuhkeun kaendahan lahir batin. Bakal karasa endah saparipolahna, bakal karasa asri tur wening usik batinna. Geter silaturahmi nu endah tur pinuh ku kasugemaan bakal karasa ku sarerea.

Asih Sakapeung Nimbulkeun Kapeurih tapi Bisa Dirasionalkeun, Disublimasikeun
Kulantaran asih teh mangrupa gerakna batin, moal henteu dina hiji waktu bakal kajadian rasa asih karasana matak peurih. Eta rasa kapeurih teh kulantaran ayana rasa egois, rasa hayang ngaheulakeun atawa mentingkeun kasuagemaan pikeun dirina pribadi. Tapi upama kapeurih tea ditarima jeung dilenyepan kalawan rasional bari ayem mah, eta rasa kapeurih teh bisa dirasionalisasikeun, hartina bisa ditarima ku akal, nu balukarna bisa narima kana kaayaan nu tumiba kalawan sadrah. Malah teu mustahil rasa kapeurih bisa dikamalirkeun dina karya nyata.

Asih teh Mikabutuh Waragad
Teu bisa henteu, sanajan henteu salilana, tapi sabagian gede enggoning ngawujudkeun rasa asih teh bakal mikabutuh ayana waragad. Aya biaya pikeun ngawujudkeun kasugeman kabeh pihak.

Ku kituna tetela geuning SILIH ASIH teh leuwih condong kana ajen kualitas intrinsik (nu nyampak dina batin pribadi) manusa. Pinuh ku ajen silaturahmi anu welas tur asih kacida kandelna. Ku kituna taya deui jalanna iwal ti urang mampuh ngawujudkeun unsur-unsur Silih Asih dina tingkah laku sapopoe enggoning campur gaul jeung papada manusa; jeung papada mahluk Alloh lianna. Moal henteu lila-lila mah sabudeurna lingkungan hirup urang bakal disimpay ku rasa silih asih silaturahmi anu wening tur tengtrem ayem.

SILIH ASAH
Tumut kana sistem wincikan SILIH ASIH nu digarap ku Dr. Sulaeman B. Adiwidjaja, sim kuring nyusun unsur-unsur SILIH ASAH make metodeu kitu oge, yen SILIH ASAH teh miboga unsur:
Asah nyaeta boga sumanget jeung kahayang
Asah nyaeta mampuh ngadalian diri
Asah nyaeta alat keur ngahontal tujuan
Asah nyaeta metode
Asah nyaeta sabar
Asah nyaeta bruk-brak (B.I: keterbukaan)
Asah nyaeta ngatur
Asah nyaeta kajujuran
Asah nyaeta garapan nu lumangsung terus (B.I: berkelanjutan)
Asah nyaeta ngaropea (B.I: pengelolaan)
Asah nyaeta kreatifitas
Asah nyaeta inovatif
Asah nyaeta mere pangajen (B.I: menilai)
Asah nyaeta wani diuji
Asah nyaeta proaktif
Asah nyaeta bajoang
Asah nyaeta kualitas diri
Asah nyaeta komunikasi
Asah nyaeta sinergik
Konsep dasar silih asah nyaeta silih tambahan kanyaho, silih seukeutan elmu pangaweruh, silih tambahan pangalaman. Ningkatkeun kamaheran jeung ningkatkeun kualitas mikir pikeun ngungkulan tangtangan atawa masalah nu disanghareupan. Anapon pikeun manusa mah, masalah tangtangan teh moal aya tungtungna. Kaungkulan hiji masalah tangtu bakal datang deui masalah sejenna, da kitu pidawuh Alloh Swt. dina Al Balad ayat 3, 4 oge. Sabab mungguhing kualitas hirupna hiji jelema enas-enasna mah nyaeta runtuyan kamampuh dina ngungkulan panangtang jeung masalah hirup jeung kahirupan nmu karandapanana. Ku kituna mun eta manusa teh henteu mibanda kamapuh pikeun ngungkulan kasulitanana, tinangtu bakal ngarandapan katunggaraan nu lain lumayan. Pikeun bisa ngungkulan panangtang jeung masalah hirup, taya deui jalanna iwal ti urangna pribadi kudu beunghar ku elmu pangaweruh, loba kabisa, rancage, binekas tur binangkit. Pancegna mah harti SILIH ASAH teh nyaeta cara atawa tarekah pikeun nambahan kanyaho jeung elmu pangaweruh boh lahir boh batin. Sarta dina prungna angger kudu aya dua pihak, nyaeta nu ngasah jeung nu diasah. Nu mapatahan jeung nu dipapatahan.
Nurutkeun unsurna SILIH ASAH bisa diwincik saperti kieu:
Asah nyaeta Boga Sumanget jeung Kahayang
Pikeun nambahan kanyaho tangtu kudu didadasaran heula ku ayana sumanget jeung kahayang nu nyampak dina dirina. Tanpa sumanget jeung kahayang, musatahil bisa ngulik elmu pangaweruh. Tumuwuhna sumanget taya deui iwal ti bisa ngayakinkeun diri yen dirina mampuh pikeun terus ngulik elmu pangaweruh.

Asah nyaeta Mampuh Ngadalian Diri
Pikeun ngahontal hasil nu nyugemakeun, kamampuh ngadalian diri atawa boga disiplin kacida perluna. Sabab ngulik elmu hentgeu bisa sangeunahna, sakarep-karep. jelema anu teu boga disiplin bakalna moal maksimal dina ngulik elmu pangaweruh.

Asah nyaeta Alat keur Ngahontal Tujuan
Gunana elmu pangaweruh hasil tina Silih Asah teh nyaeta dipibandana elmu pikeun alat ngahontal tujuan. Sabab kapan sagala rupa oge aya elmuna aya padikana, aya carana. Ku kituna sing saha nu loba mibanda elmu pangaweruh eta teh lir jelema nu mibanda rupa-rupa pakarang, tapi mangpaat henteuna eta pakarang gumantung kumaha ngagunakeunana.

Asah nyaeta Metode
Ngulik elmu pangaweruh henteu bisa sagawayah, tapi kudu nyusun puguh entep seureuhna. Ieu ngandung harti aya padikana atawa aya metodena. Aya cara jeung prakprakanana.

Asah nyaeta Sabar
Salasahiji pasaratan pikeun urang ngulik elmu pangaweruh, nyaeta ayana kasabaran, temen wekel tur henteu gancang bosen. Sabab ari elmu pangaweruh teh tumuwuhna menta waktu, aya proses, jadi tetela kudu dibarengan ku kasabaran.

Asah nyaeta Bruk-brak (B.I: keterbukaan)
Diajar paelmuan atawa ngajarkeun elmu pangaweruh mutlak kudu bruk-brak nembrak, hartina euweuh nu disumput salindungkeun. Teu saeutik elmu pangaweruh anu ayeuna geus leungit sabab henteu kawariskeun atawa kaajarkeun sagemblengna ka nu sejen. Ku kituna boh nu ngajar boh nu diajar kudu sarua nembrakna. Pada-pada didadasaran ku boga karep rek nepakeun jeung nyeuseup elmu pangaweruh.

Asah nyaeta Ngatur
Nepakeun jeung narima elmu pangaweruh henteu bisa kitu bae, tapi aya aturanana, jadi kudu diatur boh nurutkeun tahapan luhur handapana paelmuan, boh didasarkeun kana kaayaan jeung kaperluanana, kana umur jeung kamampuhna. Bisa oge dina harti ngatur bahan nu rek diajarkeun, kitu deui ngatur waktuna.

Asah nyaeta Kajujuran
“Kajujuran” bisa dihartikeun yen dina nemakeun elmu pangaweruh perlu ku kaobyektifan, sangkan hasilna bener-bener miboga kualitas elmu nu bebas tina parasaan subyektif.

Asah nyaeta Garapan nu Lumangsung Terus (B.I: berkelanjutan)
Elmu pangaweruh teh karek kahontal ku ngaliwatan proses anu nambahan terus (kumulatif). Ku kituna dina nemakeunana oge tinangtu menta waktu nu taya eureunna, lumangsung terus. Kapan ngulik elmu pangaweruh teh jadi kawajiban sapanjang hirup.

Asah nyaeta Ngaropea (B.I: pengelolaan)
Nemakeun jeung ngulik sugrining elmu pangaweruh tinangtu miboga sistem, metode jeung didaktikna. Perlu diropea cara jeung prakprakanana, sangkan luyu jeung ajas ngatik-ngadidik atawa nemakeun kanyaho ka nu sejen.

Asah nyaeta Kreatifitas
Kreativitas dihartikeun daya hirup nu rancage. Silih asah pangaweruh, silih seblok kanyaho, eta mikabutuh daya kreatif boh ti nu ngasahna boh ti nu diasahna. Ayana karancagean kacida perluna dipibanda ku sing sugri nu hayang ningkatkeun sumber daya pribadina.
Asah nyaeta Inovatif

Inovatif bisa dihartikeun kakuatan nu mere daya tumuwuh nu anyar, tepi ka elmu pangaweruh teh bisa digunakeun pikeun ngungkulan masalah-masalah anyar. Mekarna elmu pangaweruh nyaeta ku ayana daya inovatif. Tumuwuhna daya inovatif jadi ciri ngagedurna daya hirup dina dirina.

Asah nyaeta Mere Pangajen (B.I: menilai)
Pikeun mikanyahyo kualitas elmu pangaweruh, tangtu bae perlu ayana pangajen (penilaian). Silih asah oge hakekatna mah pikeun mikanyaho (nganiley) antara hiji jalma jeung jalma nu sejenna, nya ngagelarkeun proses silih asah. Jadi bisa disebutkeun yen nu ngasah nya eta nu mere pangajen, jeung nu diasahna nyaeta nu jelema nu diajenna. Ku kituna kakara bakal aya proses nu sipatna resiprokal (pabales-bales).

Asah nyaeta Wani Diuji
Samangsa-mangsa aya proses silih asah, tegesna aya silih temakeun pangaweruh, ngandung harti oge geus sadia pikeun diuji, dites, dicoba kanyahona tea. Ieu ngandung harti bakal bras kana pangajen kualitas nu diujina.

Asah nyaeta Proaktif
“Proaktif”, meh saharti jeung rancage, rancingas, rapekan; henteu kuuleun henteu cicingeun. Mikirna salawasana positif jeung dinamis. Salawasana nyieun tarekah sangkan nu dipimaksudna bisa kahontal. Jelema anu proaktif moal pinanggih jeung “frustasi”, “stress” atawa peunggas harepan.

Asah nyaeta Bajoang
Tangtu bae boh keur nu “ngasahna” boh nu keur “diasahna”, poses silih asah teh ngandung perjoangan nu taya reureuhna. Ku kituna mikabutuh ayana sumanget bajoang nu ngagedur.

Asah nyaeta Kualitas Diri
Ieu mah geus tetela pisan yen sing saha nu terus tumerus ngasah dirina, boh elmu lahir boh elmu batin, bakal nangtukeun kana ajen atawa kualitas dirina. Kapan sakitu ecesna yen jelema nu boga elmu pangaweruh mah darajatna teh leuwih luhur tibatan nu teu boga pangaweruh.

Asah nyaeta Komunikasi
Pikeun lumangsungna proses silih asah anu optimal, tinangtu mikabutuh ayana komunikasi nu lancar ti dua pihakanana. Ieu ngandung harti kudu tumuwuh rasa mikabutuh jeung dipikabutuh. Ku kituna kamaheran ngayakeun komunikasi kacida diperlukeunana. Salah komunikasi (miskomunikasi) geus tinangtu bakal ngajadi panghalang kana proses silih asah.

Asah nyaeta Sinergik
Hartina sinergik (sinergic), nyaeta kamampuh pikeun nuwuhkeun hiji hal anu anyar tina tepungna dua hal anu beda. Kapan ari silih asah teh ngandung harti aya dua pihak atawa sababaraha pihak anu silih interaksi. Unggal pihak pada miboga kanyaho jeung elmu pangaweruhna sewang-sewangan. Dina proses silih asah pisan tina rupa-rupa kanyaho teh bisa nuwuhkeun hiji kanyaho (pangaweruh, elmu) anu anyar, minangka hasil pagesrekna komunikasi ti sababaraha pihak.

Upama dititenan tetela enas-enasna tinsa SILIH ASAH teh nyaeta ukuran kualitas kognitif jeung psikomotorik unggal jelema, tegesna kamampuh, kamaheran, katerampilan dina ngungkulan masalah hirup. Mangpaatna elmu pangaweruh teh taya lian ngan pikeun ngungkulan rupaning masalah jeung tangtangan nu disangahareupan sapopoe. Ari kampuhan pikeun ngungkulan masalaha teh kapan kudu ngarandapan proses diajar, nya eta SILIH ASAH tea. Kapan nu ngabedakeun manusa jeung mahluk sejenna teh nyaeta kualitas akal jeung elmu pangaweruhna di sagigireun kualitas rasa (emosi) katut religiousitasna.


Ku kituna nya gelar paribasa jeung babasan di Sunda:
Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna.
Moal ngakeul mun teu ngakal, moal ngarih mun teu ngoreh.
Kudu jadi manusa anu masagi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar